Jampe Urang Sunda: Boga Ajen Sastra

 

Ku: Uga Ujung Galuh

 

SANAJAN waktu nyieunna lain keur kapentingan kurung-karang jiga jaman ayeuna tapi jampe bisa disebutkeun karya sastra sabab milih kekecapanana leubeut ku estetika basa.

 

JAMPE atawa mantra ceuk basa sansekerta mah, kungsi dipiwanoh ku urang Sunda. Jampe teh ucapan-ucapan atawa kalimah anu dianggap boga kakuatan gaib mun dipigawe bari samemehna dibarengan ku rupa-rupa pasaratan. Eta kakuatan gaib teh bisa dipake jang ngaleungitkeun kasakit, nyinglar bahaya atawa nyinglar bangsa dedemit. Mun mireungeuh kana kaperluanana, tetela jampe teh lain karya sastra. Tapi mun nilik kana pilihan kecap anu leubeut kuidiom-idiom anu kuat, jampe ku pangajen basa mah bisa diasupkeun kana karya sastra puisi. Lirik-lirikna boga kakuatan anu leubeut ku estetika basa. Kaendahan kecap kacida dicekelna. Dina ngarakit wirahma matak genah kadengena jeung kacida mangaruhan anu ngadengena.

 

Jampe teh rupa-rupa. Aya anu disebut ajian, nyaeta bacaan elmu gaib jang kapentingan gelut atawa jang nandasa deungeun, atawa kadugalan sejenna . Ajian anu baheula kungsi dipiwanoh, ajian Halimunan, sangkan awak urang teu katingali ku musuh, ajian Brajamusti eta mah elmu neunggeul, ari ajian Batukarang mah lian ti jang kawedukan teh oge bisa ngabogaan umur panjang. Aya deui ajian napak sancang (sawareh nyebutna napak kancang). Eta mah ajian jang bisa lumpat gancang. Sakapeung lumpatna bisa dina luhureun beungeut cai, sakapeung dina luhureun jujukutan atawa pupucukan. Aya ajian jang meruhkeun musuh, nya kudu mapatkeun babacaanana, kieu:

 

Sima aing sima maung

Sima manusa satitik manggiri

Satangkal jeung badan

Marah sia geus kapungkas

Sangkiricik ngaran sia keur leutik

Sangkuricak ngaran sia keur budak

Kapingkas kapungkas amarah sia ku aing

Sing asih

Welas asih ka diri aing.

 

Jampe sejenna aya anu disebut asihan. Ari asihan mah pungsina jang ngabedol sukma batur sangkan bisa kapangaruhan. Contona asihan sangkan deungeun inget bae ka urang:

 

Asihan aing si taruk gadung

Sataruk nu matak lanjung

Salambar nu matak hayang

Sasoeh nu matak leweh

Sih asih ka badan awaking.

 

Jangjawokan teh bisa disebutkeun jampe sapopoe, sabab naon bae anu rek dipilampah kudu aya jampena, nya disebut jangjawokan. Ka jangjawokan paragi dibuat aya.

 

Sukma nu mipit, sukma nu dipipit

Tunggal badan kalawan nyawa

Nyi Pohaci Mayaherang

Nyi Pohaci Mayalenggang

Ulah geder ulah reuwas

Cunduk anu mupu

Datang anu ngala

Nya maneh sarasa tunggal

Kahanan sri kadunan

Kandi candoli aci permana dewa

Aci asihan.

 

Aya jampe nu disebutna rajah. Ieu mah keur sanduk-sanduk ka anu ngageugeuh di hiji tempat (mahluk gaib), menta paidinna sangkan ulah tugenaheun hatena atawa nyinglar pancabaya ti bangsa dedemit anu sok ganggu ka manusa.

 

Unu-unu di mana ngedeng

Ngedeng tong di mana-mana

Teuing ti peuting saiang

Pertiwi ti beurang

Saiang muntara lulun ali-ali

Batara guru bisi datang

Wisaya ti tukang tulang ka saiang

Batara gamblang bisi datang

Wisaya ti gigir bintih ku saiang

Naga gunting bisi datang

Wisaya ti hareup beulit ku saiang

Ngarajah bisi datang

Wisaya ti luhur tuduhkeun ku saiang

Naga gamblang muhung ruping

Bungtan ku layung batara guru.

 

Dicutat ti Fb Grup SALAKA

Tinggalkan Balasan